2007-07-07
balik ke Bandung
Abis gawe isuk tadina rek tengbur tapi gara2 hujan jadi we nunggu hujan reda heula. Beres hujan jam 5 kurangan nganterkeun inge heula ka kosanna terus ka kosan urg beres-beres langsung we indit ka kebon nanas.
Sampe di kb nanas jam setengah 6an panya teh bis ka Bandung gampang tapi naha sabtu ieu bisna hese pisan. Aya nu kosong eh jalanna gancang teuing gara-gara polisi nangkring di handapeun jembatan penyebarangan kebon nanas. Tunggu deui tunggu deui sambil jalan teu pararuguh karek meunang bis jam 7 peuting geus kitu teu kabagian korsi jadi we duduk di handap tapi mayan bisa nempo jalan sambil lalajo pembukaan AFC di Thailand.
Nepi Cimahi jam 11 peuting urang turun di Leuwigajah, sampe imah langsung dahar, mandi terus sare we.
Boedhies merindukan cintanya jam 23:52
***
End of things